SEKOLAH DASAR NEGERI LEUWIGAJAH 3

Jln Kerkof No 30 A Kel. Leuwigajah Kota Cimahi Tlp 022 667 7460

Translate

Showing posts with label B. Sunda. Show all posts
Showing posts with label B. Sunda. Show all posts

Wednesday, July 18, 2012

SASAKALA SITU BAGENDIT


Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyaéta Situ Bagendit. Cék sasakala mah, éta Situ Bagendit téh asal-muasalna kieu:

Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna.

Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya nu larsup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku bawaning embung campur jeung batur, da sieun kasoro téa.

Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh anu ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap gé geus bérés, bari tingkarétap kénéh.

Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditari teu ditakon. Nya pok aki-aki téh waléh yén teu kawawa lapar, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyék-sék-nyéksékkeun, pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagian. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun wé.

Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu, “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.”

Ngomong kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero, “Caah! Caah!” cenah.

Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkiran cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.

Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi Bagendit

Sunday, January 8, 2012

Nama Anak Sasatoan Dalam Bahasa Sunda

Anak anjing: kirik/kicik
Anak bagong: begu
Anak bandeng: nanar
Anak banteng: bangkanang
Anak bangbung: kuuk
Anak bangkong: buruy
Anak belut: kuntit
Anak bogo: cingok
Anak boncel: bayong
Anak buhaya: bocokok
Anak deleg: boncel
Anak embe: ceme
Anak gajah: menel
Anak hayam: ciak/pitik
Anak japati: piyik
Anak kancra: badal
Anak keuyeup: bonceret
Anak kuda: belo
Anak kukupu: hileud
Anak kutu: kuar
Anak lancah: aom
Anak lauk: kebul/burayak
Anak lele: nanahaon
Anak lubang: leungli
Anak maung: juag/aum
Anak monyet: begog
Anak munding: eneng
Anak reungit: utek-utek
Anak sapi: pedet
Anak ucing: bilatung

Nama Kembang Dalam Bahasa Sunda



Kembang bako : bosongot
Kembang bawang : ulated
Kembang bolang : ancal
Kembang boled : tela
Kembang cabe : bolotot
Kembang cau : jantung
Kembang cengek : pencenges
Kembang cikur : jelengut
Kembang eurih : ancul
Kembang gedang : ingwang
Kembang genjer : gelenye
Kembang hoe : bubuay
Kembang honje : comrang/rombeh
Kembang jaat : jalinger
Kembang jambe : mayang
Kembang jambu aer : lenyap
Kembang jambu batu : karuk
Kembang jarak : uing
Kembang jengkol : merekenyenyen
Kembang jeruk : angkruk/angkes
Kembang jotang : puntung
Kembang kadu : olohok
Kembang kalapa : suligar
Kembang peuteuy : pendul
Kembang kaso : curiwis
Kembang kawung : pengis
Kembang koneng : badul
Kembang kulur : pelepes
Kembang laja : jamotrot
Kembang leunca : pengit
Kembang limus : seleksek
Kembang lopang : cacas
Kembang muncang : rinduy
Kembang pare : ringsang
Kembang salak : sedek/gojod
Kembang sampeu : dingdet
Kembang taleus : ancal
Kembang tangkil : uceng
Kembang terong : moncorong
Kembang tiwu : badaus
Kembang waluh : alewoh

Thursday, November 3, 2011

KARAWITAN SUNDA

Pengertian Karawitan Keragaman seni budaya nusantara merupakan pembentuk kebudayaan nasional. Kita ketahui bahwa salah satu bagian dari kebudayaan itu diantaranya kesenian. Dengan demikian, dapat diambil kesimpulan bawha kesenian daerah merupakan unsur penting dalam pembentuk kesenian nasional.
apabila diteliti secara seksama tentang kesenian daerah yang ada di indonesia sangat beraneka ragam bentuk, hal ini merupakan salah satu diantaranya. Karawitan merupakan salah satu bentuk kesenian yang ada di indonesia, seperti kita kenal ada Karawitan Jawa, Karawitan Sunda, dan Karawitan Bali serta banyak lagi jenis-jenis karawitan lainnya.
Karawitan sunda mempunyai ciri tersendiri, pertumbuha, dan perkembangannya sangat dipengaruhi oleh keberadaan orang Sunda serta aspek sosial kehidupannya. Istilah karawitan dalam Bahasa Sunda merupakan istilah baru, tetapi cepat meluas sehingga istilah karawitan dianggap sebagai istilah yang telah baku dalam kesenian Sunda.
Pengertian yang telah memasyarakat tentang karawitan adalah seni suara daerah yang berpedoman pada laras Selog dan Salendro. Banyak juga pendapat-pendapat lain tentang karawitan, seperti pendapat para ahli karawitan (Pangrawit) Sunda. Yang perlu kita ketahui bawha istilah karawitan itu berasal dari Bahasa Jawa, mengingat sekitar kurang lebih tahun 1920, istilah karawitan dipergunakan pada sebuah kursus menabuh gamelan di Keraton Surakarta.

Macam-macam Bentuk Karawitan Ada tiga macam bentuk, diantaranya :
1. Karawitan Sekar adalah jenis karawitan yang terbentuk melalui penyajian suara manusia (vokal).
2. Karawitan Sekar Gending adalah bentuk karawitan yang terbentuk melalui penyajian alat musik/instrumen atau waditra.
3. Bentuk karawitan yang disajikan melalui perpaduan antar suara manusia (vokal) dengan alat musik/instrumen atau waditra.

Karawitan Sekar Karawitan sekar terdiri atas :
  1. Sekar Tandak adalah sekar atau lagu yang terikat oleh wiletan atau birama, diantaranya :
- Lagu-lagu panambih tembang Sunda/Cianjuran.
- Lagu-lagu kawih Sunda atau lagu-lagu kepesindenan.
- Lagu-lagu pupuh sekar tandak.
  1. Sekar Irama Merdika adalah sekar atau lagu yang tidak terikat oleh wiletan atau birama, seperti :
- Lagu-lagu pupuh
- Lagu-lagu tembang Sunda/Cianjuran.
- Lagu-lagu pupuh sekar irama merdika.
Karawitan Gending
Yang termasuk jenis karawitan gending diantaranya :
  1. Lagu-lagu Degung Klasik yang instrumentalia seperti lagu : Ladrak, Pajajaran Kintel Bueuk, manintin Serang, Mayu Selas, dan lain-lain.
  2. Gending Wanda Anyar ; gending wanda anyar merupakan ciptaan komposisi gending baru yang diciptikan oleh H. Koko Koswara dan Nano, S. Gending wanda anyar biasanya memiliki tema, isi, dan tujuan.
  3. Kecapi suling (instrumentalia)
  4. Gambangan
  5. Overture
  6. Gending karatagan pada acara pembukaan pertunjukan wayang golek.
Karawitan Sekar Gending
Jenis karawitan sekar gending, diantaranya :
  1. Lagu-lagu sekar gending, seperti lagu : Gerimis kasorenankeun, Gupay Lembur, Gupay Pileleuyan, Hujan Munggaran, dan lain-lain.
  2. Lagu-lagu sempal guyon kawih Sunda, seperti lagu : Kasenian, lagu Kareta Api, Lagu Berkat Katitih Mahal, dan lain-lain.
  3. Gending Karesmen : Gending Karesmen Si Kabayan, Lutung Kasarung, Dayang Sumbi, gending Karesmen Pitaloka Citraresmi, dan lain-lain.
FUNGSI KARAWITAN
  1. Sebagai pengiring lagu atau nyanyian.
  2. Untuk mengiringi tarian terutama tari Sunda.
  3. Untuk pengisi suasana dalam suatu adegan sendra tari atau gending karesmen.
  4. Sebagai ungkapan rasa etika.
  5. Sebagai pencerminan jiwa.
  6. Sarana hiburan yang bersifat social bersifat social maupun komersial.

Tatarucingan Sunda

yangakeun ieu tatarucingan, etang-etang hiburan panglipur lara sok emut jaman baheula urang keur leutik sok tatarucingan jeung kolot sok wararaas ieu tatarucingan teh kaihlaman ku janten raka nu nuju didamel di amerika anjeunan dina facebook ngayakeun grup tatarucingan ari sugan teh lain raka eh pek teh gening kang asep saurna sono kana basa sunda nya sim kuring ngayakeun tatarucingan ieu teh supados majangkeun babarayaan jeung urang sunda hususna sanes urang sunda ge mangga bebas nebak sawios lepat ge ku abdi dilereskeun anu leres ke dipasihan hadiah, hadiahna du’a weh nya  mugia sing panjang yuswa, sing ageung rejeki, sing laksana naon nu dipikahoyong, sing salamet dunya aherat…surga..amminn

  • 1. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara ?
  • 2. Hayam naon anu sukuna sarebu?
  • 3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon?
  • 4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan?
  • 5. Sato naon anu teu bisaeun mundur?
  • 6. Bangku naon anu bisa didahar?
  • 7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut?
  • 8. Batu naon anu teu aya di cai?
  • 9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor?
  • 10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat?
  • 11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet?
  • 12. Hayam naon anu sukuna hiji?
  • 13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik?
  • 14. Gajah tumpak beca, gede naonna?
  • 15. Baso dibalikkeun jadi naon?
  • 16. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan.?
  • 17. Nini-nini bongkok kumaha sarena?
  • 18. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan?
  • 19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?
  • 20. Naon sababna ban mobil tina karet?
  • 21. Sapi naon anu bau?
  • 22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ?
  • 23. Naon bedana sarimie jeung nini-nini?
  • 24. Pribumi di luar ari semah di jero ?
  • 25. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang?
  • 26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun?
  • 27. Di luar hujan angina, di WC hujan naon?
  • 28. Hayamna bodas, naonna anu hideung?
  • 29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki?
  • 30. Jam naon anu bisa nembang?

sok ayeuna tong isin-isin waler weh tatarucingan nu du luhur ieu,..bebas ,,,tong sarius teuing ngemutan  S.E.O sok lieur duka iraha atuh ah..hoyong ka lacak mbah google teh…duka ieu wp simkuring di banned moal nya? seueur share software bae ah lieur..ayeuna waler weh tatarucingan simkuring..wilujeung prung ahh..walerna bebas nomber sabaraha wae asal cantumkeun nomberna meh pugguh..

Friday, October 28, 2011

Bahasa Sunda itu Mudah

Siapa mau pasti bisa artinya ketika ada kemauan atau keinginan dilakukan dengan niatan pasti akan bisa dan mudah didapatkan. Kata siapa belajar bahasa sunda itu sulit? Katakanlah sejujurnya apabila ingin belajar sungguh-sungguh semuanya akan lancar-lancar saja. Nah, kalau ingin belajar bahasa tersebut mendingan terjun langsung ke daerah yang mayoritas berbahasa sunda atau berkenalan dengan orang sunda karena itu akan memudahkan kita. Pengalaman saya dulu kalau nelpon teman sering menyelipkan bahasa sunda itu sampai satu kata atau beberapa kata, ya barangkali karena saya orang sunda agak ceplas ceplos kesundaannya artinya selalu bercampur aduk dalam berbicara. Kemudian suatu hari bertanya kepada teman saya tersebut “siapa yang mengajari kamu bahasa sunda” dia menjawab “bukannya kamu kang setiap menelpon suka ada bahasa sundanya” saya terkejut sambil tertawa, kok bisa ya?. Tak disangka teman saya itu suka buka kamus sunda juga setelah telponan sama saya.
Memang agak lucu kedengarannya memakai bahasa Indonesia dicampur bahasa sunda, misalkan begini “Kamu teh asal mana” maksudnya “Kamu berasal dari mana” atau “ Yang baju merah kadie atuh” maksudnya” Yang baju merah kesini sajalah”. Memang agak merusak kedua bahasa tapi itu akan membantu sekali untuk orang yang lagi belajar.
Contoh kalimat bahasa Indonesia Sunda di bawah ini:
Saya mencintaimu = Abdy bogoh ka maneh
Itu bayi siapa yang nangis = Eta orok saha nu ceurik
Ini harga baju berapa = Ieu harga acuk sabaraha
Mau apa kesini kamu = Bade naon kadie maneh
Anak siapa yang ganteng = Murangkalih saha nu kasep
Bisa kenalan nggak = Tiasa wanoh teu
Tidak susah kok belajar bahasa sunda karena dari pengucapannya pun tidak sesusah bahasa jawa yang agak rumit tapi keduanya mempunyai kosakata yang kaya. Di zaman serba modern ini banyak cara untuk belajar dan mendapatkan keinginan agar mudah tercapai, coba saja pembaca belajar sunda lewat teman chating (YM) atau teman facebook karena disitu juga bisa menambahkan pembendaharaan kata yang lumayan bagus. Saya sendiri masih belajar bahasa sunda karena masih banyak yang belum dimengerti dari kosakata yang halus/tidak kasar.
Kalau mau belajar sunda bisa masuk forum detik atau di sundablog pasti akan cepat bisa yang pasti tidak boleh ada kata menyerah. Siap-siap saja barangkali bahasa sunda akan menjadi bahasa kelima dunia..he..he..he kesepuluh juga belum tentu, tapi menurut saya lebih baik tahu daripada nggak. Selamat mencoba dan selamat belajar.

Photo Kami

Blog Ini Dibiayai Oleh :

Education
Academics

Toko Murah Online

Tolong di KLIK Iklannya SATU KALI

Join Di Facebook